Kumpulan Lengkap Kakawihan Anak-anak Bahasa Sunda

Buat sobat dhira yang lagi cari PR bahasa sunda tentang kakawihan anak-anak atau kakawihan barudak dalam bahasa sunda bisa cari disini. Dibawah ini beberapa kumpulan kakawihan anak-anak bahasa sunda yang terkenal atau sering dinyanyikan ditatar sunda. Tapi itu dulu, lamun ayeuna mah sudah tergantikan oleh lagu coboy junior dan lain-lain. Tapi sebagai urang sunda mestinya kita bisa mengajarkan kakawihan ini untuk anak-anak sambil nostalgia waktu masih kecil. Kakawihan anak-anak atau barudak berikut ini diperoleh dari berbagai sumber.

Baca : Cara Kredit Motor Syariah

Kakawihan anak bahasa sunda ayang-ayang gung


Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
menka Ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos kanjeng dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

Baca : Ternyata Dijumpai Green Canyon di Karawang

Kakawihan anak bahasa sunda oray-orayan

Oray-orayan, luar léor mapay sawah,
Entong ka sawah, paréna keur sumedeng beukah,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.

Oray-orayan, luar léor mapay kebon,
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri

Kakawihan anak bahasa sunda eundeuk-eundeukan

Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale bandung paseban
Meunang peucang pa ujang
Leupas deui ku akang

Baca : Mengenal Kujang Pusaka

Kakawihan anak bahasa sunda bangbang kalima gobang

Bang kalima gobang...bang
Bangkong ditengah sawah..wah
Wahéy tukang bajigur...gur
Guru sakola désa....sa
Saban poé ngajar...jar
Jarum paranti ngaput...put
Putri anu gareulis....lis
Lisung kadua halu....lu
Luhur kapal udara....ra
Ragrag di Jakarta.....ta
Taun sabaraha....ha
Haji rék ka Mekah....kah
Kahar tujuh rébu....bu
Buah meunang ngala....la

 Baca : Lirik Lagu Karatagan Pahlawan (Teu Honcewang)


Lauk meunang nyobék...bék
Béker meunang muter...ter
Terus ka Cikampék...pék
Pékna gagang kalam...lam
Lampu eujeung damar...mar
Mari kuéh hoho...ho
Otél pamandangan...ngan
Ngantos kangjeng dalem...lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

Kakawihan anak bahasa sunda bulantok

Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok

Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring

Kakawihan anak bahasa sunda trang-trang kolentrang

Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan

Kakawihan anak bahasa sunda tokecang

Tokecang tokecang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong

Aya listrik di masigit
Meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit
Karangan dina pipina

Tokecang tokecang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong

Kakawihan anak bahasa sunda ole-olean

Ojok-ojok uang-aung,
Ngarojok nu di saung,
Nu di saung bau sigung,
Dirojok lumpat ka lisung,
Hup dengdo, hup dengdo.



Kakawihan anak bahasa sunda cingcangkeling

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng



Kakawihan anak bahasa sunda perepet jengkol

Perepet jengkol jajahean 
Kadempet jempol jejeretean

Kakawihan anak bahasa sunda cingciripit

Cingciripit tulang bajing kacapit 
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seusekeutna 

Jol pa dalang mawa wayang 
Jekjeknong
  

Kakawihan anak bahasa sunda tat-tit-tut

Tat tit tut daun kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut

Kakawihan anak bahasa sunda oray-orayan II

Oray-orayan luar leor ka sawah
Ulah ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar leor los ka kebon
Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon

Mending ge ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi? anu mandina pandeuri

Oray-orayan ........ oray naon
Oray bungka ........ bungka naon
Bung ka laut ........ laut naon
Laut dipa ........ dipa naon
Dipanderi ri ri ri ri .........!!!!

Kakawihan anak bahasa sunda pakait-kait

Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang
Anyaman masing pageuh
Ulah lesot masing pageuh

Anyaman masing pageuh
Tacan lesot ulah lumpat
Nganyamna ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh

Kakawihan anak bahasa sunda Jaleleu Ja

Mangga ka sobat dhira, kalau punya koleksi kakawihan lainnya bisa ditulis di komentar.


Dhira

Hi,

To Top