CONTOH-CONTOH PUPUH ASMARANDANA BAHASA SUNDA

Berikut ini beberapa contoh-contoh Pupuh Asmarandana dalam bahasa Sunda. Pupuh Asmarandana kebanyakan berisi tentang petuah atau piwuruk dalam bahasa Sunda. Salah satu jenis puisi dalam bahasa Sunda yaitu Pupuh. Seperti yang diketahui pupuh dikelompokan kedalam dua kelompok  yaitu kelompok Sekar Alit dan Kelompok Sekar Ageung. Pupuh Asmaranda masuk kedalam kelompok pupuh Sekar Ageung

Aturan yang dipergunakan dalam membuat pupuh disebut dengan Guru lagu dan Guru Wilangan. Pupuh Asmarandana menggunakan rumus 
Guru Wilangan dan Guru Lagu : 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a 
Padalisan: 7

Contoh Pupuh Asmaranda 

Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.

Jalma kudu silihasih
kudu sing miboga rasa
ulah nganyenyeri hate
ka sakum dulur anu aya
mun nyaah ka sasaha
hidep hirupna saluyu
saluyu tur loba harta

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

Rasa jati dina diri
Ku loba pisan rupana
Nu jadi amarah bae
Jail dengki jeung kangewa
Welas asih jeung kacinta
Nu mana kudu diturut
Kabeh hayang kacumponan

Yu, urang nyepeng tradisi,
nu luyu jeung peradaban,
tradisi nu alus bae,
nu ku urang dipageuhan,
pikeun kasalametan,
dina hirup campur gaul,
babarengan jeung sasaha.

Campur gaul kudu galib,
ngarah akur jeung sasaha,
henteu matak jadi goreng,
sabab carana sarua,
dina makena adat,
urang teu beda ti batur,
hirup lumrah sabiasa.

Urang kudu ati-ati,
mun hirup di masyarakat,
kudu engeuh kudu titen,
kana hak jeung kawajiban,
ulah beurat sabeulah,
ngeunah aing henteu batur,
sabab goreng ceuk agama.


Dhira

Hi,

Posting Komentar

To Top